Senin, 16 September 2013

Pantun Sunda


Karya : Ato Suharto


Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
Sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang..

Cikaracak ninggan batu
Laun-laun jadi legok
Nincak ruhak dina batu
Laun-laun ngagorowok

Budak leutik bisa ngapung
Eta kalong ngrana
Botak saeutik jiga celempung
asa hayang ngarampana

Iwung bungkulna maju
nangka tangkalna dibabad
Indung tunggul rahayu
Bapak tangkal darajat

Daun hiris dibeungkeutan
dibawa ka juru masigit
Anu geulis ngadeukeutan
hayangeun dibere duit

Opat baris salah nyambung
mun tukang kakara ngabangun
Omat geulis ulah pundung
mun akang kapaksa nyandung

Aya listrik di masigit
caangna kamana - mana
Aya istri jangkung alit
hanyakal geuning waria

Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyong ka mimbar
Sono mondok sono nganjang
sono ngaloyor ka kamar

Saha we nu bade nyangke
kamari abdi nu ngajagi
Bebende nu hade hate
pamatri ati nu sajati

Colenak enak dicocol
Komo mun tambah kalapa
Beletak pitak ditakol
Poho mun sirah mitoha

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok..

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan
katinggang ku pohpor banpol

Batok kohok wadah huut
meuli eunteung jang bikeuneun
Budak montok gede hitut
nyeri beuteung, jeungjeuriheun


Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
Rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan..

Pedah kuring kuralang kuriling
ucing ge'ring ngahariring
Tengah peuting jempaling jempling
kuring nyaring hayang ngising

Hayu urang mupu tiwu
ohan malah mobok pagu
Huntu linu murukusunu
bongan tara ngosok huntu

Mulung tanjung tengah gunung,
meunang cangkilung saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun
ceunah nulung malah rahul

Ka Jampang mawa pakarang
ajang pe'rang makalangan
Ka akang naha sale'mpang
akang sayang ngan ka yayang

Kamis, 12 September 2013

Siloka [ Lengkah]


Lampah merenah, hirup tumaninah..

Lampah mun teu puguh, bakal kasarung antupna linglung....

Mun embung lampah kasarung, Lengkah kudu incah kanu merenah....

Ciciren nu gede jajaten, teu seunggah nyorang harungan...

Nyorang kahayang tong ngan ukur dicatur, sorang ku tarekah lengkah....

Lengkah teu merenah, lumampah moal pinanggih berkah...
 
Lain awak anu sial, tapi laku lampah nu jadi lantaran..

Kawas mulas dina sagara mun kahayang teu dibarengan nyiar...

Nyukcruk gunung najan luhur moal matak paur mun netena teu loba lewa...

Tong incah tina papagon mun hayang hirup jongjon...

Hojah bakal mawa berkah mun laku dibarengan elmu...

Moal incah dina merenah mun hirup teu awuntah..

Laku nu payus nuntun lampah kanu merenah...

Selasa, 27 Agustus 2013

Cunggelik Rasa

 Ato Suharto

Cunggelik hate na lamunan
milang kalangkang kahayang
hariwang tresna ngaringkang ilang
Mun ilang tinangtu kuring ringrang sumoreang
 
Hariwang hate na sawangan
Mun ngababade anjeun bebende
Sadar kana waruga kuring ayeuna
Anjeun ngolemar lantaran teu sababad na rupa
 
Jungjunan nu jauh na lamunan
Anggang dina pangharepan
Sok inggis sulaya nyata
duriat singray ngajauhan

Layuna Kembang Katresna

Ato Suharto

Kembang katresna, ligar na rasa.
Mapaes hate nyengitan taman kasmaran
Kiwari layu dijojo halodo.
Daunna murag katiup angin katiga

Kembang asih, kiwari ngan tinggal akar
Endah nu mapaes hate geus teu kataren
Kiwari tinggal kalahkay ninggang kahayang
Janji saati peunggas renggas ku lantaran

Hate moal bisa dipepende
Dibebenjo ku ligarna nu denok
Rasa katresna kuring lain pupulasan
Clik putih clak herang

Kuring moal ngarasula
Najan anjeun geus teu suka
Percaya kanu Maha Kawasa
Lamun jodo pastina moal kamana

Kamis, 15 Agustus 2013

Merdeka?


Ato Suharto

Teuneung ludeung
Teu gedag ku pangawak badag
Teu gimir najan ngalawan bedil
Teu sieun narajang lawan nu mawa meriam

Harita...
Carita ngabedar lahirna kamerdekaan
Bobolokot getih nandonkeun nyawa
Toh pati demi Ibu Pertwi

Kiwari...
Carita merdeka ngawujud nyata
Kabebasan nyolempang 
Nepi lali urang kana temah wadi

Kiwari lain harita
Ayeuna beda jeung baheula
Baheula pejuang perang ngalawan deungeun
Ayeuna urang ribut ngalawan dulur 

Kiwari...
Naha enya merdeka geus karasa nyata?
Merdeka boga saha?
Urang saha jeung aya dimana?

Selasa, 30 Juli 2013

Citresna Anjeun

Ato Suharto


Citresna nu kungsi nyimbeuh
Kulimis ngancik na ati
Lebah rasa nu rumasa
Dalingding hiliwir pinuh ka asih
Bagja harita teu diwengku ku ugeran

Kiwari marojengja rasa
Lantaran anjeun sulaya
Udar tina tali pasini
Nu kungsi ku urang diwakca
Pancaroba dunya ngeureut kageugeut

Citresna ngagulidag
Caah na rasa nu tunggara
Lini linci ngarungkadkeun pasini
Runtuh tangkal kahayang
Tinggal kalangkang nu gugupay

Citresna nu kungsi nyimbeuh
Kiwari ngan tinggal carita

Minggu, 21 Juli 2013

Gupay Rasa

Ato Suharto

Rasa gugupay ngajak nganjang
Unggah ka mangsa katukang
Dina mangsa ligar anjeun nu nyambuang
Seungit ngarambat hate
Minuhan rasa nu teu kagambar endahna

Harita...
Nyanggreutna kadeudeuh
Ngabeungkeut meumeut kageugeut
Sawarga dunya marengan sagara ktresna
Nu lamapar ku urang disorang

Harita...
Angin kasono ngadodoho moro
Sanajan munggaran urang pasini
Kembang katresna ligarkeun kahayang
Urang ngojay dina sagara larangan

Carita harita...
Kiwari ngan ukur gupay
Teu wasa kuring datang
Lengkah teu kuat obah
Lantaran ligarna kembang geus hambar
Kasono hamo bisa ngadodoho
Guntur kanyatan 
Ngarungkadkeun hakekat kodrat

Gupay rasa
Neuteup seukeut kageugeut
Nu can tangtu bisa deui euntreup