Senin, 16 September 2013

Pantun Sunda


Karya : Ato Suharto


Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
Sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang..

Cikaracak ninggan batu
Laun-laun jadi legok
Nincak ruhak dina batu
Laun-laun ngagorowok

Budak leutik bisa ngapung
Eta kalong ngrana
Botak saeutik jiga celempung
asa hayang ngarampana

Iwung bungkulna maju
nangka tangkalna dibabad
Indung tunggul rahayu
Bapak tangkal darajat

Daun hiris dibeungkeutan
dibawa ka juru masigit
Anu geulis ngadeukeutan
hayangeun dibere duit

Opat baris salah nyambung
mun tukang kakara ngabangun
Omat geulis ulah pundung
mun akang kapaksa nyandung

Aya listrik di masigit
caangna kamana - mana
Aya istri jangkung alit
hanyakal geuning waria

Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyong ka mimbar
Sono mondok sono nganjang
sono ngaloyor ka kamar

Saha we nu bade nyangke
kamari abdi nu ngajagi
Bebende nu hade hate
pamatri ati nu sajati

Colenak enak dicocol
Komo mun tambah kalapa
Beletak pitak ditakol
Poho mun sirah mitoha

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok..

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan
katinggang ku pohpor banpol

Batok kohok wadah huut
meuli eunteung jang bikeuneun
Budak montok gede hitut
nyeri beuteung, jeungjeuriheun


Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
Rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan..

Pedah kuring kuralang kuriling
ucing ge'ring ngahariring
Tengah peuting jempaling jempling
kuring nyaring hayang ngising

Hayu urang mupu tiwu
ohan malah mobok pagu
Huntu linu murukusunu
bongan tara ngosok huntu

Mulung tanjung tengah gunung,
meunang cangkilung saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun
ceunah nulung malah rahul

Ka Jampang mawa pakarang
ajang pe'rang makalangan
Ka akang naha sale'mpang
akang sayang ngan ka yayang

Kamis, 12 September 2013

Siloka [ Lengkah]


Lampah merenah, hirup tumaninah..

Lampah mun teu puguh, bakal kasarung antupna linglung....

Mun embung lampah kasarung, Lengkah kudu incah kanu merenah....

Ciciren nu gede jajaten, teu seunggah nyorang harungan...

Nyorang kahayang tong ngan ukur dicatur, sorang ku tarekah lengkah....

Lengkah teu merenah, lumampah moal pinanggih berkah...
 
Lain awak anu sial, tapi laku lampah nu jadi lantaran..

Kawas mulas dina sagara mun kahayang teu dibarengan nyiar...

Nyukcruk gunung najan luhur moal matak paur mun netena teu loba lewa...

Tong incah tina papagon mun hayang hirup jongjon...

Hojah bakal mawa berkah mun laku dibarengan elmu...

Moal incah dina merenah mun hirup teu awuntah..

Laku nu payus nuntun lampah kanu merenah...

Selasa, 27 Agustus 2013

Cunggelik Rasa

 Ato Suharto

Cunggelik hate na lamunan
milang kalangkang kahayang
hariwang tresna ngaringkang ilang
Mun ilang tinangtu kuring ringrang sumoreang
 
Hariwang hate na sawangan
Mun ngababade anjeun bebende
Sadar kana waruga kuring ayeuna
Anjeun ngolemar lantaran teu sababad na rupa
 
Jungjunan nu jauh na lamunan
Anggang dina pangharepan
Sok inggis sulaya nyata
duriat singray ngajauhan

Layuna Kembang Katresna

Ato Suharto

Kembang katresna, ligar na rasa.
Mapaes hate nyengitan taman kasmaran
Kiwari layu dijojo halodo.
Daunna murag katiup angin katiga

Kembang asih, kiwari ngan tinggal akar
Endah nu mapaes hate geus teu kataren
Kiwari tinggal kalahkay ninggang kahayang
Janji saati peunggas renggas ku lantaran

Hate moal bisa dipepende
Dibebenjo ku ligarna nu denok
Rasa katresna kuring lain pupulasan
Clik putih clak herang

Kuring moal ngarasula
Najan anjeun geus teu suka
Percaya kanu Maha Kawasa
Lamun jodo pastina moal kamana

Kamis, 15 Agustus 2013

Merdeka?


Ato Suharto

Teuneung ludeung
Teu gedag ku pangawak badag
Teu gimir najan ngalawan bedil
Teu sieun narajang lawan nu mawa meriam

Harita...
Carita ngabedar lahirna kamerdekaan
Bobolokot getih nandonkeun nyawa
Toh pati demi Ibu Pertwi

Kiwari...
Carita merdeka ngawujud nyata
Kabebasan nyolempang 
Nepi lali urang kana temah wadi

Kiwari lain harita
Ayeuna beda jeung baheula
Baheula pejuang perang ngalawan deungeun
Ayeuna urang ribut ngalawan dulur 

Kiwari...
Naha enya merdeka geus karasa nyata?
Merdeka boga saha?
Urang saha jeung aya dimana?

Selasa, 30 Juli 2013

Citresna Anjeun

Ato Suharto


Citresna nu kungsi nyimbeuh
Kulimis ngancik na ati
Lebah rasa nu rumasa
Dalingding hiliwir pinuh ka asih
Bagja harita teu diwengku ku ugeran

Kiwari marojengja rasa
Lantaran anjeun sulaya
Udar tina tali pasini
Nu kungsi ku urang diwakca
Pancaroba dunya ngeureut kageugeut

Citresna ngagulidag
Caah na rasa nu tunggara
Lini linci ngarungkadkeun pasini
Runtuh tangkal kahayang
Tinggal kalangkang nu gugupay

Citresna nu kungsi nyimbeuh
Kiwari ngan tinggal carita

Minggu, 21 Juli 2013

Gupay Rasa

Ato Suharto

Rasa gugupay ngajak nganjang
Unggah ka mangsa katukang
Dina mangsa ligar anjeun nu nyambuang
Seungit ngarambat hate
Minuhan rasa nu teu kagambar endahna

Harita...
Nyanggreutna kadeudeuh
Ngabeungkeut meumeut kageugeut
Sawarga dunya marengan sagara ktresna
Nu lamapar ku urang disorang

Harita...
Angin kasono ngadodoho moro
Sanajan munggaran urang pasini
Kembang katresna ligarkeun kahayang
Urang ngojay dina sagara larangan

Carita harita...
Kiwari ngan ukur gupay
Teu wasa kuring datang
Lengkah teu kuat obah
Lantaran ligarna kembang geus hambar
Kasono hamo bisa ngadodoho
Guntur kanyatan 
Ngarungkadkeun hakekat kodrat

Gupay rasa
Neuteup seukeut kageugeut
Nu can tangtu bisa deui euntreup


Kamis, 18 Juli 2013

Anjeun Nu Linci


Ato Suharto


Ajeun nu kiwari linci
Lir campaka nu tinggal tangkalna
Sumeblak rasa mun inget kana kembangna
Kasono malibir dina pipireun pikir
mapay ngambah sagara citresna

duriat kokojayan lantis nyanding ngajomantara
Rek nepi kamana carita urang ngumbara
Sarebu usum geus jauh kalarung
ngaran anjeun teu lipur-lipur

Nepakeun kamelang kari waasna.
Anjeun kadeudeuh teu reureuh,
meuweuh dina ati geus maneuh

Anjeun,nu karasa sanajan hese rek nyata
Anjeun ninggalkeun sagara impian

Selasa, 25 Juni 2013

Pileuleuyan Bapa

Ato Suharto

Bapa...
Anjeun lir mega
Nu mayungan dina panasna srangenge
Na wanci bentrangna beurang
Kanyaah anjeun niisan hate
Mepende rasa dina panenjo dunya

Bapa….
Moal laas sanajan katiga panjang
Moal luntur najan hujan mindeng ngaguyur
Kamulyaan cinta anjeun
Bakal ngakar ngawujud tangkal
Jadi buah kabagjaan kulawarga salawasna

Bapa….
Sabar anjeun dina nyiar pakeun
Kiwari geus ngawujud bukti
Runtut sauyunan kulawarga ka wangun
Nepi kapupusten anjeun nu tos dipundut kunu Rahayu

Bapa......
Pileuleuyan
Amal soleh tur kaikhlasan anjeun di dunya
Obor nu nyaangan Bapa di alam kubur
Amin....

Pileuleuyan Bapa....

Senin, 24 Juni 2013

Hampura Nyai

Ato Suharto

Nyai hampura akang
Nepi kadanget ayeuna can bisa nyugemakeun anjeun
Lain teu hayang, 
tapi dalah dikumaha
waruga can bisa ngahontal 
rancana nu geus dipedar tianggalna
Tapi sing percaya 
nu maha suci bakal welas tur asih
kabagjaan bakal kahontal, 
asal sabar nandangan cobaan nu ku urang ka alaman

Banda


Ato Suharto

Bagja
Guligah rasa teu kagambar ku mangrupa sagala
Tatali asih beuki matri
Ka Agungan Illahi ngabukti
Ngawujud dina tatali asih
Ku sareatna kawaluyaan turunan urang

Banda nu leuwih nyata ti batan harta
Pupusten sing talaten
Cukang Rahmat nu Maha Kawasa
Aya dina kulawarga takwa kana darigama

Geulis bojo akang
Harta nu bakal mawa kabagjaan
Putra putri nu soleh tur solehah
Rawat sing haat
Sangkan salamet urang di akherat

Sabtu, 22 Juni 2013

Warisan Bapa

Ato Suharto
Boblokot ku kesang 
Sirah dijeun suku
Teu gedag ku rasa hoream
Ikhlas lain reka nu dipulas
Anjeun nyorang harungan
Pikeun kuring sangkan hirup sugema

Bapa               

Anjeun eunteung kahirupan
Ciri sajati lalaki
Anu satia tur tanggung jawab
Kana kodrat pamingpin kulawarga

Bapa

Kaluhungan anjeun 
Dina majuangkeun kulawarga
Warisan nu pohara mahal hargana
Harta eta bakal dimumule
Pikeun wariskeuneun anak incu engke

Jumat, 21 Juni 2013

Hirup ulah ngan saukur hirup



Ato Suharto

Hirup teh papasten
Bagja cilaka nu jadi caritana
Dimana urang ayana
Gumantung kana lampah nu disorang

Leutik gede harta nu dipiboga
Eta kadar dinu Maha Kawasa
Ulah nyungkelit ati mun letutik 
Kudu sabar jeung tumarima
Ngarah waluya hirup dirasa

Banda pohara moal tanggtu sugema
Mun asalna tina duit rahayat nu dijagal
Lobana duit bakal jadi berwit
Mun asalna meunang tina meuncit beurit

Hirup kudu dibarengan elmu
Sangkan hirup teu jadi kusut
Hirup ulah ngan saukur hirup

Carita Cinta



Ato Suharto

Nyorang mangsa katukang
Mangsa urang munggaran teupung
Anjeun mawa carita
Nu teu dinyana tianggalna
Sabab lir uyah nu tees ka luhur
Pamohalan jadi bakal mun nyawang kanyataan
Kuring kurcaci anjeun putri

Harita
Tresna urang rapet geugeut
Teu gedag ku bedana sareat
Nu kapikir ngan rasa kahayang
Sagarana cinta lir ngan ukur urang no boga

Sawatara mangsa ngolesed
Kasered poe nu moal bisa dicaram engke
Robah waktu marengan nyingrayna carita
Kiwari sari nu kungsi meungkeut na ati
Jadi ilang katiup angin hanjelu
Lantaran kahayang nu teu kasorang

Ayeuna kabagjaan cinta nu kungsi aya
Ukur tinggal catur
Anjeun hiber dina hieum mega
Nu teuing iraha deui bisa jonghok paamprok

Katresna urang kiwari tinggal carita

Kamis, 20 Juni 2013

Bapa


Ato Suharto
Bapa,
bagja teu kagambar lain pupulasan
cintresna natra asli sajati
kanyaah anjeun lain ngan sukur catur
eta carita jaman baheula
waktu anjeun mash aya

Mangsa lahir,
ceurik kuring jadi ubar
ka hariwang Bapa

Mangsa kiwari, 
seuri kuring ceurikna Bapa
nalangsa lanataran paripolah buah hatena

Kuring rumasa loba dosa ka Bapa
ka asih anjeun sok rajeun dianggap rungkang
waktu nyaram kuring ngalampah salah
pedah kuring ngarasa 
nu dilampah ku kuring dianggap kamajuan
padahal senena setan

Bapa,
Kiwari kuring surti
Panyaram anjeun teh eunteung
Sangkan kuring hirup teu asup
kana bubu kabohongan dunya

Bapa,
Anjeun tanggal darajat
nu moal rungkad nepi ka akherat

Selasa, 18 Juni 2013

Lengkah hirup


Ato Suharto

Hak sapatu geus ngipisan 
indung suku geus pinuh ku tatu 
awak geus asa rangsak
waragad beak tujuan can kahontal

Teu di hulu teu di hilir 
kokojayan dina sugan
batan meunang tujuan 
malah badan nandang hanjakal

los kaditu los kadieu
ngarenghap teu puguh polah 
ngajerit diudag seuri
Sabab nu diudag ngan ukur ngimpi

Ayeuna kuring rek surti
yen hirup teh lain sugan jeung boa
tapi enya jeung lain
bakal pasti mun urang narekahan ngimpi

Sabtu, 15 Juni 2013

Cinta Manehna

Ato Suharto
Nyawang mangsa katukang
Mangsa munggaran urang patepung
Sumeredet rasa lir diseureud bangbara
Panas tiris nyaliara
Mun neuteup sorot manehna

Bagjana mangsa harita
Teu kaukur ku mangrupa harta
Tatali asih meungkeut matri
Janji saati moal sulaya

Tapi na mangsa katiga gening teu nyana
Pasini ati buyar laas ku panas 
Cinta peunggas dina dahan nu ragas
Rungkad samemeh ngajadi buah

Sihoreng jaman teh cukang
Panyambung rungkang kasatiaan
Anjeun peureum miceun pasini
Lantaran serab ku banda tatangga

Ayeuna kuring cangcaya
Kana cinta nu tulen nyatana

Pantun Lucu Bahasa Sunda

Ato Suharto

Aya roda na tanjakan, 
katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan, 
katinggang ku pohpor banpol

Batok kohok wadah huut, 
meuli eunteung jang bikeuneun
Budak montok gede hitut, 
nyeri beuteung, jeungjeuriheun

Mulung tanjung tengah gunung, 
meunang cangkilung saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun, 
ceunah nulung malah rahul

Pedah kuring kuralang kuriling, 
ucing ge'ring ngahariring
Tengah peuting jempaling jempling, 
kuring nyaring hayang ngising

Hayu mupu tiwu, 
ohan malah mobok pagu
Huntu linu murukusaunu, 
bongan tara ngosok huntu

Ka Jampang mawa pakarang, 
ajang pe'rang makalangan
Ka akang naha sale'mpang, 
akang sayang ngan ka yayang

Kaso pondok kaso panjang, 
kaso ngaroyong ka mimbar
Sono mondok sono nganjang, 
sono ngaloyor ka kamar

Saha we nu bade nyangke, 
kamari abdi nu ngajagi
Bebende nu hade hate, 
pamatri ati nu sajati

Colenak enak dicocol, 
Komo mun tambah kalapa
Beletak pitak ditakol , 
Poho mun sirah mitoha .....
Hampura abah teu dihaja!!!

Cikaracak ninggan batu, 
Laun-laun jadi legok
Nincak ruhak dina batu,
Laun-laun ngagorowok

Budak leutik bisa ngapung, 
Eta kalong ngrana
Botak saeutik jiga celempung, 
Asa hoyong ngarampa

Iwung bungkulna maju, 
nangka tangkalna dibabad
Indung tunggul rahayu, 
Bapak tangkal darajat

Daun hiris dibeungkeutan, 
dibawa ka juru leuiit
Anu geulis ngadeukeutan 
hayangeun dibere duit

Opat baris salah nyambung, 
mun tukang kakara ngabangun
Omat geulis ulah pundung, 
mun akang kapaksa nyandung

Aya listrik di masigit, 
caangna kamana - mana
Aya istri jangkung alit, 
hanyakal geuning waria

kaso pondok kaso panjang..
kaso ngaroyom ka jalan..
sono mondok sono nganjang..
sono ngaolongok nu lenjang...

rinik rincang rincik rincang..
cikajang sawahna neunggang..
siik pisan sidik pisan..
si ujang sirahna herang...

ka suralaya dagang mukena..
si ujang meuli keur si nini..
kasalira akang micinta..
siang wengi ka impi impi..

kamana ngaitkeun kincir...
ka wanayasa jalan sadang..
kasaha ngaitkeun pikir..
ka nu ngora urang sumedang..

ka sumedang dagang pita...
ka cilondok dagang kacang
kanu lenjang akang cinta..
kanu denok akang sayang..

ka suralaya dagang mukena..
si ujang meuli keur si nini..
kasalira akang micinta..
siang wengi ka impi impi..

KATRESNA AKANG



Ato Suharto

Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman,
moal leeh ku serabna panon poe
najan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjang
cinta akang moal gedag ku panggoda wanoja

Nyai..., cinta akang nu sajati
satungtung anjeun satuhu
nyumponan kawajiban ka caroge
akang moal rek lanca linci luncat mulang

Nyai..., pupunden hate akang
tong rempan sanajan urang paanggang
cinta akang lain ngan ukur kalangkang
clik putih clak herang tresna akang ngan ukur anjeun

Nyai..., citresna akang nu utama
kabagjaan nu ku urang ayeuna dirasa
omat ulah nepi ka dirogahala
kupangbibita dunya nu moal pasti sampurna

Nyai..., bojo akang anu geulis
sing tarapti ngajaga diri
sangkan urang tetep waluya
dina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang

KASATIAAN ANJEUN



Ato Suharto

Dua puluh taun urang ngawangun
juntrung nangtung, panceg teu gedag
sagara rumah tangga nu ku urang di sorang
teu loba leuwang najan harungan sok rajeun datang

Kasatiaan anjeun cukang nu jadi lantaran
kabagjaan nu pohara, najan banda ngan saayana
kasatuhuan anjeun jadi jalan panghalang akang
mun rek nganjang ka mojang lian

Geulis...
pupusten rasa nu ayeuna aya
sangkan rumah tangga tetep waluya
nepi ka umur pegat di dunya

Geulis...
jaga sing tarapti pangaji diri
sangkan Illahi masihan widi
laki rabi urang sing nepi ka aki nini

Geulis...
buah katresna urang
geus parawan jeung geus bujang
rawat ku syahadat tur shalat
sangkan hirupna bisa mangfaat keur umat

URANG JEUNG WAYANG


Ato Suharto

Kiwari lain kamari tapi ayeuna
Kamari kuduna jadi eunteung pikeun bekel
naratas jalan sangkan lolongkrang,
teu katutupan jalan

Lumampah di alam dunya
ceunah darma wawayangan
usik malik diobah ku dalang

Tapi urang lain wayang
sabab wayang moal boga kahayang,
da wayang mangrupa barang

Lumampah urang tangtu ngajojo kahayang
hayang tandang, pakan jeung sandang
sabab urang boga akal jeung pikiran
lain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang

Kamari nu can pasti tong dijadikaeun nyunkeulit ati
tuluy jadi hoream ngahontal kahayang
gagal lain hartina lengiteun akal
tapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeun
rurungkan nu ngahalangan jalan

Sing percaya kana diri
nu dianti pasti ngawujud bukti
asal usaha jeung percaya kanu Maha Suci

Urang beda jeung wayang
lantaran urang boga akal jeung pikiran
wayang ngan ukur parabot dalang
nu dipirig ku gamelan dina acara hiburan

CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULA


Ato Suharto

Rundayan carita mangsa harita
masih natra dina rasa
tatali asih nu mengkeut pageuh
nepi ka kiwari tetep euntreup
kawas si leugeut teureup

Katresna teu ilang singray
najan umur rek nepi ka kubur
kasono teu weleh pogot
najan jiwa geus teu deui ngora

Duh Gusti nu maha welas tur asih
jagi tali rabi abdi dugi ka aki nini
teubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri

Nyai panutan akang
kasatiaan modal utama
ulah nepi ka dirogahala
ku pangaruh dunya nu kadang mawa sangsara

Kabagjaan lain diukur ku lobana brana
lain dihias kureuncemna emas
kabagjaan pasti nyaangan urang
mun iman jeung takwa jadi sareat urang
dina enggoning ngabangun rumah tangga

Rundayan carita katresna harita jeung ayeuna
urang jaga ulah nepi ka sirna
sangkan urang tetep waluya
nepi ka pantona sorga..

HIRUP


Ato Paskal

Hirup lir ibarat lengkah
Sing ati ati tur tarapti
nincak ulah ngan saukur lampah
komo bari jeung dudupak rurumpak
bisi manggih beling nu pastina bakal nyugak

Hirup jeung kahirupan
lir ibarat lengkah jeung tujuan
lengkah merenah 
tinangku barokah tujuan
nu ku urang baris kahontal

Panggoda dunya tong dijadikeun alesan
pikeun ngalengkah salah
lantaran bala tangtuna bakal karasa

Kamajuan dunya
kudu dibarengan ku motekar akal
lengkah kudu basajan
sangkan merenah tur  barokah

ANAKING


Ato Suharto

Anaking...
regepkeun piwuruk ema hidep
sangkan hirup rahayu
jeng berkah tur bagja

Anaking..
tiru jeng gugu pasipatan ema
sabab ciri sagala wanoja natra
aya dina diri ema

Bapa bagja rumah tangga jeung ema
najan kadang sok manggih tunggara
ema tetep ngawula ka bapa
pinuh ku rasa katresna

Anaking..
hirupmah sadar jeung eling
mun hideup mamawa wejangan ema
bakal pasti salawasna eling

Anaking..
hideup geus nincak mangsa dewasa
omat ulah kagoda ku hawa dunya
nu kadang mawa cilaka

Bapa jeung ema teu boga warisan banda pohara
teu boga tanah nu lega
komo deui emas permata

Bapak jeung ema ngan boga do'a
sangkan hideup hirup waluya
dibeungkeut ku iman jeung takwa
bekel urang ngumpul engke di sorga