Selasa, 30 Juli 2013

Citresna Anjeun

Ato Suharto


Citresna nu kungsi nyimbeuh
Kulimis ngancik na ati
Lebah rasa nu rumasa
Dalingding hiliwir pinuh ka asih
Bagja harita teu diwengku ku ugeran

Kiwari marojengja rasa
Lantaran anjeun sulaya
Udar tina tali pasini
Nu kungsi ku urang diwakca
Pancaroba dunya ngeureut kageugeut

Citresna ngagulidag
Caah na rasa nu tunggara
Lini linci ngarungkadkeun pasini
Runtuh tangkal kahayang
Tinggal kalangkang nu gugupay

Citresna nu kungsi nyimbeuh
Kiwari ngan tinggal carita

Minggu, 21 Juli 2013

Gupay Rasa

Ato Suharto

Rasa gugupay ngajak nganjang
Unggah ka mangsa katukang
Dina mangsa ligar anjeun nu nyambuang
Seungit ngarambat hate
Minuhan rasa nu teu kagambar endahna

Harita...
Nyanggreutna kadeudeuh
Ngabeungkeut meumeut kageugeut
Sawarga dunya marengan sagara ktresna
Nu lamapar ku urang disorang

Harita...
Angin kasono ngadodoho moro
Sanajan munggaran urang pasini
Kembang katresna ligarkeun kahayang
Urang ngojay dina sagara larangan

Carita harita...
Kiwari ngan ukur gupay
Teu wasa kuring datang
Lengkah teu kuat obah
Lantaran ligarna kembang geus hambar
Kasono hamo bisa ngadodoho
Guntur kanyatan 
Ngarungkadkeun hakekat kodrat

Gupay rasa
Neuteup seukeut kageugeut
Nu can tangtu bisa deui euntreup


Kamis, 18 Juli 2013

Anjeun Nu Linci


Ato Suharto


Ajeun nu kiwari linci
Lir campaka nu tinggal tangkalna
Sumeblak rasa mun inget kana kembangna
Kasono malibir dina pipireun pikir
mapay ngambah sagara citresna

duriat kokojayan lantis nyanding ngajomantara
Rek nepi kamana carita urang ngumbara
Sarebu usum geus jauh kalarung
ngaran anjeun teu lipur-lipur

Nepakeun kamelang kari waasna.
Anjeun kadeudeuh teu reureuh,
meuweuh dina ati geus maneuh

Anjeun,nu karasa sanajan hese rek nyata
Anjeun ninggalkeun sagara impian