Selasa, 27 Agustus 2013

Cunggelik Rasa

 Ato Suharto

Cunggelik hate na lamunan
milang kalangkang kahayang
hariwang tresna ngaringkang ilang
Mun ilang tinangtu kuring ringrang sumoreang
 
Hariwang hate na sawangan
Mun ngababade anjeun bebende
Sadar kana waruga kuring ayeuna
Anjeun ngolemar lantaran teu sababad na rupa
 
Jungjunan nu jauh na lamunan
Anggang dina pangharepan
Sok inggis sulaya nyata
duriat singray ngajauhan

Layuna Kembang Katresna

Ato Suharto

Kembang katresna, ligar na rasa.
Mapaes hate nyengitan taman kasmaran
Kiwari layu dijojo halodo.
Daunna murag katiup angin katiga

Kembang asih, kiwari ngan tinggal akar
Endah nu mapaes hate geus teu kataren
Kiwari tinggal kalahkay ninggang kahayang
Janji saati peunggas renggas ku lantaran

Hate moal bisa dipepende
Dibebenjo ku ligarna nu denok
Rasa katresna kuring lain pupulasan
Clik putih clak herang

Kuring moal ngarasula
Najan anjeun geus teu suka
Percaya kanu Maha Kawasa
Lamun jodo pastina moal kamana

Kamis, 15 Agustus 2013

Merdeka?


Ato Suharto

Teuneung ludeung
Teu gedag ku pangawak badag
Teu gimir najan ngalawan bedil
Teu sieun narajang lawan nu mawa meriam

Harita...
Carita ngabedar lahirna kamerdekaan
Bobolokot getih nandonkeun nyawa
Toh pati demi Ibu Pertwi

Kiwari...
Carita merdeka ngawujud nyata
Kabebasan nyolempang 
Nepi lali urang kana temah wadi

Kiwari lain harita
Ayeuna beda jeung baheula
Baheula pejuang perang ngalawan deungeun
Ayeuna urang ribut ngalawan dulur 

Kiwari...
Naha enya merdeka geus karasa nyata?
Merdeka boga saha?
Urang saha jeung aya dimana?